Wangsit Siliwangi

Amit ampun nun paralun ka Gusti nu Maha Suci (Alloh SWT) 

Neda pangjiad pangraksa para abdi-abdi seni
Seja ngaguar laratan titis waris Nini Aki ...

Ngembatkeun jalan laratan katampian geusan mandi
Ka leuwi sipatahunan leuwi anu ngaruncang diri-diri anu sakiwari
Rék muruh lulurung tujuh ngaliwat ka Pajajaran bongan hayang pulang antig
Padungdengan-padungdengan jeung usikna pangancikan ...

Pun Sapun...
Sampurasun karumuhun ka Hyang Prabu Siliwangi
Nu murba di Pajajaran pangauban saeusi
Nu gelar di Tatar Sunda

Muga nyebarkeun wawangi